Selasa, 26 Agustus 2014

tugas sunda


Tema seminar : Ngabudayakaeun seni sunda (wayang golek)

BUBUKA
Nu dipikahormat, Ibu Raisa Prestiane ,Spd
Nu dipikahormat, Panyaji Materi
Sareng sadayana pamilon Seminar nu di reueuspan

Ass. wr. wb.
Abdi salaku Panumbu catur hoyong ngadugikeun Alhamdulillah
, Langkung ti payun mangga urang sanggakeun puja sareng puji ka Gusti Alloh anu maha kawasa. Margi ku kersa Mantena urang sadaya tiasa ngumpul ngariung, di ieu tempat, kalayan dipaparin kaséhatan. salawat sarta salam hayu urang curahkan ka junjungan urang  Nabi Muhammad saw, ku kituna urang bisa ngariung babarengan dina acara seminar ieu. Salajengna supados teu nyangkolong kana waktos, saéna acara ieu urang  kawitan wae. Dina acara seminar ieu yen bakalan ngabahas ngeunaan ngabudayakan salah sahiji kasenian sunda nyaeta “Wayang Golek”.

Hadirin nu dipikahormat dihandap ieu aya susunan acara dina dinten ieu, nyaeta :

1.    Pamacaan Ayat Suci AL-Qur’an
2.    Sambutan Pupuhu Palaksana
3.    Sambutan Guru Basa Sunda
4.    Pangjejer
5.    Sesi Tanya Jawab
6.    Pambacaan Doa
7.    Panutup



PAMACAAN AYAT SUCI AL-QUR’AN

Mangga, urang buka acara ieu kalawan bacaan Basmalah babarengan.
Hadirin anu dipikahormat, Hayu urang dangukeun lantunan ayat ayat suci Al-Qur’an anu bakal dibacakeun ku sodara Adilah taufiq, mangga kang.

A’udzubillahi minasysyaithannirrajim
Bismillahirrahmaanirrahiim
Alhamdulillahirabbil’alamin, hamdan yuwafi nikmahu
Ya rabbana walakal hamdu, walaka syukru
Allahumma shalli ala Muhammadin fil awwalina wal akhirin
Allahumma Ya Allah Ya Rabbana Ya Karim, Ya Tawwaf..Iyyaka na’ budu waiyyaka nasta’in
Rabbana taqabbalminna innaka antassami’ul alim, watub ‘alaina innaka antattauwaburrahim.
Amin Ya Allah Ya Rabbal ‘alamin


SAMBUTAN PUPUHU PALAKSANA

Acara saterusna nyaéta pangbagéa ti Pupuhu Pelaksana. ka Saudari
               Dihaturan.


SAMBUTAN GURU BASA SUNDA

Acara saterusna nyaéta pangbagéa ti Guru Basa Sunda,
Ibu Raisa Preistiane ,Spd. Ka ibu Raisa dihaturan.


PANYAJIAN MATERI

Hadirin anu dipikahormat, ayeuna urang dugi dina acara pokok nyaéta Seminar ngenaan “Ngabudayakeun seni sunda wayang golek”.
Salajengna panyajian materi bakal didugikeun ku pangjejer, kusabab eta salangkungna pangjejer nu bakal ngadugikeun materi, ka pangjejer Dihaturan.



Assalamualaikum.Wr.Wb

Abdi didieu salaku pangjejer bakal ngabahas ngenaan “Ngabudayakeun seni sunda Wayang Golek”

Harti wayang Golek
          Wayang Golek nyaéta hiji seni tradisional sunda mangrupa teater rakyat pintonan wayang anu dijieun ti boneka kai, anu utamana pohara populer di wewengkon Taneuh Pasundan, Wewengkon sumebarnana terbentang lega ti Cirebon di palebah wétan nepi ka wewengkon Banten di palebah kulon, komo di wewengkon Jawa Tengah anu berbatasan jeung Jawa Kulon mindeng ogé dipertunjukkan pergelaran Wayang Golek.

Pola Pagelaranna
           Sakumaha alur carita pewayangan umumna, dina pintonan wayang golek ogé biasana ngabogaan lakon-lakon boh galur boh carangan. Alur carita bisa dicokot ti carita rahayat kawas sumebarna ageman Islam ku Walangsungsang sarta Rara Santang atawa ti epik anu bersumber ti carita Ramayana sarta Mahabarata kalawan ngagunakeun basa Sunda kalawan iringan gamelan Sunda (salendro), anu diwangun luhur dua buah saron, hiji peking, hiji selentem, hiji pakakas boning, hiji pakakas boning rincik, hiji pakakas kenong, sapasang gong (kempul sarta goong), ditambah kalawan sapakakas kendang (hiji kendang Indung sarta tilu buah kulanter), gambang sarta rebab.

Dina pintonan wayang golek, lakon anu dawam dipintonan nyaéta lakon carangan. Ngan sakapeung waé dipintonan lakon galur. Hal ieu kawas jadi ukuran kepandaian para dalang nyiptakeun lakon carangan anu alus sarta metot. Sawatara dalang wayang golek anu kaceluk diantarana Tarkim, R.U. Partasuanda, Abeng Sunarya, Teuing Tirayana, Apek, Asep Sunandar Sunarya, Cecep Supriadi, ki dalang IIN wahyu iskandar dll. Pola pengadegan wayang golek nyaéta minangka katut;

Tatalu, dalang sarta sinden naék panggung, gending jejer/kawit, murwa, nyandra, suluk/kakawen, sarta biantara;

Babak unjal, paseban, sarta bebegalan
Nagara sejen
Patepah
Perang gagal
Panakawan/goro-goro
Perang kembang
Perang raket
Tutug

Seni ieu minim peminatna
             Salah sahiji kabudayaan seni sunda anu minim atawa sakedik peminatna di jaman sarba modern jiga ayeuna nyaeta kasenian Wayang Golek, kusabab barudak ayeuna mah lebih resep kana teknologi teknologi anu langkung modern, sapartos handphone,tablet,jeung sajabana. Seer oge nu ayeuna mah langkung resep kana budaya budaya luar tarutama kana budaya kabarat baratan, janteun kana budaya budaya arurang sorangan teh sigana tos harilapeun, kabukti ayeuna mah jarang paminat anu resep atawa hayang ngadalami seni wayang golek, nonton pagelaranna wae oge atos jarang ayeuna mah.

Kusabab eta ayeuna arurang ti pihak panyelenggara acara seminar ieu hayang ngarajak pamilon sadaya kanggo ngabudayakan deui kasenian asli anu tanah sunda nyaeta kasenian Wayang Golek. Ku cara ulah poho kana kasenian asli ti tanah sunda, ulah loba kapangaruh kanu budaya barat, kudu lebih sering ngajunjung luhur kabudayaan asli tanah sorangan yen kabudayaan urang oge te eleh alusna tibatan kabudayaan batur, kudu mikacinta kasenian ieu


SESI TANYA JAWAB

Hadirin Pamilon Sadaya diperkawis kanggo ngajukeun partanyaan, sertakeun Ngaran sareng timana. Mangga dipikahatur

DOA PENUTUP

Alhamdulillah hirobilalamin, Acara Seminar ieu kantos dilaksanakeun. Ayeuna waktosna kangge ngabacakeun doa panutup ku sodara Adilah taufiq.
Kukituna mangga dipikahatur

Audzubillahiminasy syaithannirrajim
Bismillahirrahmaanirrahiim
Alhamdulillahirabbil’alamin, hamdan yuwafi nikmahu
Ya rabbana walakal hamdu, walaka syukru
Allahumma shalli ala Muhammadin fil awwalina wal akhirin
Rabbana atina fiddunya hasanah wa fil akhirati hasanah wa qina ‘adzaban naar
Alhamdulillahrabbil alamin.